KISAH KEMBANG KAMBOJA


Anu salajengna dina wengi ayeuna aya hiji lagu anu parantos kasohor dikalangan para santri
wilujeng enjing,siang,sonten sareng wengi kasadaya pamiarsa anu maca kana ieu serat


~Kisah kembang Kemboja~

Ku bismilah dikawitan
Ieu kisah dinadzomkeun
Ku ambiya membutuhkan
Kana rohmatna pangeran
Kisahna kembang kemboja
Jadina bercabang dua
Nu teu asing jeung teu langka
Nu tumbuhna di asrama
Kacaturkeun dua santri
Santri putra santri putri
Saling demen jeung sahati
Berpadu cinta sejati
Ki Ahmad eta namina
Jeung Siti Mar’ah namina
Sanajan panggihna langka
Tetep nyaah jeung satia
Barang dina hiji mangsa
Ki Ahmad ngalih mondokna
Siti Mar’ah teu kawasa
Bari nangis jeung satia
Siti Mar’ah sesegrukan
Nyariosna alon pisan
Pami nyampe di tujuan
Tong hilap enggal nyeratan
Ki ahmad ngawaler sopan
Jawabna atuh kantenan
Masa aku melupakan
Dirimu yang aku sayang
Kalau ada sumur di ladang
Bolehlah menumpang mandi
Kalau ada umur panjang
Bolehlah bertemu lagi
Siti Mar’ah mesem manis
Cahayaan bari jeung geulis
Sanaos bari jeung nangis
Siti Mar’ah tetep geulis
Tos lami kacaturkeuna
Mun rinduna ka mereka
Silih suratan balikna
Tuk mencurahkan hatina
Kacaturkeun ibu rama
Ka Siti Mar’ah nyarita
Kedah enggal kabumina
Ngawaro jeung henteu nyangka
Teu nyangka rek di tikahkeun
Margina teu ngawartoskeun
Mulangna ngan ngajalaneun
Pamanut ortu sieuneun
Sanajan bari teu suka
Dijodohkeun ibu rama
Siti Mar’ah nya kasiksa
Hatina sakit tersiksa
Pernikahan Siti Mar’ah
Membuat ki Ahmad resah
Laku lampah serba salah
Dahar minum teu merenah
Ibu rama Siti Mar’ah
Lain tega jeung teu nyaah
Miwarang enggal ditikah
Ninggal benda nu berlimpah
Orang tua nempo harta
Nu kitu matre namina
Kajeun teuing agamana
Yang penting berlimpah kaya
Mencit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Laiin gering ku panyakit
Kaboogoh ditikah batur
Kumaha duh kumahakeun
Teu tiasa di paparkeun
Banget hese dipaparkeun
Kapan anjeun ngaraoskeun
Ngan anjeun mah tidak tahu
Rasa sakit didiriku
Seperti minum empedu
Mending bila minum madu
Ki Ahmad hatena nangis
Perih bagaikan diiris
Teu aya seorangpun medis
Miceun ieu panyakit sadis
Teu lami ki Ahmad mati
 Nyawa diambil ku Gusti
Mungkin sebab sakit hati
Sempat memasrahkeun diri
Siti Mar’ah ge terangeun
sabab aya nu nyampaikeun
Gebeg hatena reuwaseun
Kumaha duh kumahakeun
Emangna ge Siti Mar’ah
Teu bakal diawal nikah
Pikiran selalu gundah
Hatena selalu resah
Rajeun ti saprak nikahna
Mun batin slalu dirinia
Hese ngahilangkeunana
Ki Ahmad dina hatina
Sanaos sareng caroge
Teu bisa malingkeun hate
Sakapeung sok hare-hare
Teu mayunan ka caroge
Ditambah aya berita
Ki Ahmad meninggal dunia
Hatena semakin gila
Dohir batina tersiksa
Dimana surya tenggelam
Menunjukan waktu malam
Pikiran osok melayang
Memikirkan seseorang
Seseorang anu pernah
Dina hate Siti Mar’ah
Ki Ahmad anu terpisah
Terpisah karena nikah
Sakapeung sok pang keselkeun
Carogena nu budiman
Ditaros jarang nembalan
Ngajantenkeun panasaran
Aduh nyai bojo akang
Naon anu diemutan
Jawabna teh aduh akang
Abdi hoyong ka kuburan
Carogena teu ngulahkeun
Kalah malah ngajajapkeun
Naon bae disuhunkeun
Mangga bae dijalankeun
Kacarioskeun sering pisan
Siti Mar’ah ngajalankeun
Ka kuburan popotongan
Anu henteu kajodohkeun
Upami wangsul jarahna
Sok nguping aya sorana
Sorana hiji jelema
Teu jinis dedeganana
Sanaos bari teu jinis
Siti Mar’ah entos yakin
Eta sora eta pokna
Atuh meureunan bagjana
Lamun urang teu laksana
Lamun hanjakal telahna
Teu lami hirup kaula
Di dunia sakiceup mata
Teu ayeuna sugan jaga
Bakal panggih reujeung bagja
Teu bisa disanes-sanes
Puguh sorana teh bentes
Hatena sangat tergores
Mulang ge teu bisa hees
Diringkeskeun aya riwayat
Siti Mar’ah sakit beurat
Enya anjeuna wasiat
Waktos anjeuna sakarat
Pami engke dikuburkeun
Siti Mar’ah teh nyuhunkeun
Ulah henteu direujeungkeun
Caket ki Ahmad gigireun
Barang tos wandah waktosna
Siti Mar’ah tilar dunia
Dipanggil kunu kawasa
Robbil alamin nu mulya
Kacarioskeun pupusna
Dilaksanakeun pupusna
Nya tumbuh kembang kemboja
Katinggal bercabang dua
Mung sakieu nu katampi
Kisah ieu ti sim abdi

Comments

Popular Posts