Rundayan Kanjeng Nabi

Assalamu'alaikum wr wb
wilujeng enjing,siang,sonten sareng wengi kangge sadaya anu maca kana ieu serat
dina raraga ngamumule budaya sunda, dini ieu seratan kuring bade nyerat nganggo bahasa sunda..wilujeng maca.


Sim kuring gaduh lalaguan ti pun guru anu judul na "rundayan kanjeng nabi" sakumaha kauninga yen ieu lagu teh parantos seueur anu terang na, kieu siir na


Wajib ka jalma islamna                    # uninga rundayanana
Kanjeng nabi utusan Allah              # Muhammad putra Abdullah
Abdullah putra Mutholib                 # Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi manaf               # Abdi Manaf putra Kusoi
Kusoi putrana Kilab                         # Kilab putrana Muroh
Muroh putrana Ka’ab                      # Ka’ab putrana Lu’ai
Lu’ai putrana Gholib                       # Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik                          # Malik putrana Nadzor
Nadzor putra Kinanah                     # Kinanah putra Huzaimah
Huzaimah putra Mudrikah               # Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana mudor                         # Mudor putrana Nidzar
Nidzar putrana Ma’ad                     # Ma’ad putrana Adnan
Nu wajib dugika adnan                   # Haram nguningakeunana
Ti Adnan dugi ka Adam                  # Sabab taya jalan soheh
Sabab taya jalan soheh
Wajib deui uningana                        # rundayana ti ibuna
Kanjeng Nabi utusan Allah             # Muhammad putra Aminah
Aminah putranaWahab                    # Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Juhroh                #Juhroh putrana Kilab
Tepang deui ti rama                         # ti Kilab jeung sawarehna
Jadi ibu jeung Ramana                     # masih keneh sa rundayan
Masih keneh sarundayan
Ari putra Rosulullah                        # Sadayana aya tujuh
Genep ti Siti Khodijah                     # Hiji ti Siti Maryam
Sahid Kosim pang cikalna               # Siti zenab ka duana
Rukoyah nu pang geulisna               # Fatimah nu di asihna
Umu Kulsum kalimana                    # Abdullah nu ka genepna
Toyib Tohir katelahna                      # Nu genep ti Khodijah na
Ibrohim nu ka tujuhna                     # Mariyam janten ibuna
Urang Kibti Nagarana                     # Pamasihan ti rajan
Tah sakitu sadayana                         # Putra Rosul nu mulyana
Nu wajib di uningana                      # Mungguh kaol nu sohehna
Mungguh kaol nu sohehna


sakitu wae anu kapihatur, sumangga lagam na mah bade di kukumaha ge :)

wassalamu'alaikum wr.wb

Comments

Popular Posts